Rss

Kamis, 08 Maret 2012

sajak sunda

SAGALA PANGORBANAN ANJEUN, MAMAH
karya: siti nuralifah

mamah...
anjeun teh sagala bagi kuring
anjeun nu tos ngababarkeun ngageungan kuring
anjeun nu tos ngadidik abdi ti alit
sampe ka ayeuna tos ageung
anjeun oge sok ngadu'akeun
sareng mamatahan kuring
ameh jadi jalma bener
lamun kuring lemah geuring
kuring sok di ubaran ku anjeun na
kuring bangga ka anjeun mamah
kusabab anjeun teh tos ngobarkeun
sagala demi anak anak anjeun
mamah...
abdi nuhun pisan ka anjeun

sajak sunda

SAENTOS ANJEUN INDIT
karya: Nengsih

saentos anjeun indit ninggalkeun
abdi di dieu nyalira
abdi ngarasa aya nu leungit
di diri abdi di jero hate abdi
abdi yakin sabeunerna anjeun
teu hoyong leupas dina hate abdi
bantu abdi supaya ngalupakeun anjen
abdi bener bener nyaah ka anjeun
anjeun sakitu berartina kangge abdi

Rabu, 07 Maret 2012

sajak sunda

KAENDAHAN KOTA BANDUNG
karya: Nurmalasari

mangsa eurang aganti jeung peuting
kota andung katembang marakbak
kota beuki asri bae 
mangpirang lampu hurung
di langit bulan ngebrak
kota beuki ngempur
ngan hanjakal hawana teuing ku tiis
kapaksa kuring mulang

sajak sunda

BANDUNG
karya: Nurmalasari

bandung...
kota anu endah
kota anu asri
gedong sate anu jadi ciri hasna
bandung...
ibukota anu jadi kenangan
bandung anu endah
sing salamina jadi kota
anu asri sareung endah

sajak sunda

HAYALAN
karya: ilma huzaemah

kahayang mah ngudag bulan
cicing di langit
meureunah ngapak katumiri
meureun endah karasana
dunya asa milik sorangan
tapi kuring sadar
ieu teh ukur hayalan
anu moal bisa kajadian

sajak sunda

TIMNAS GARUDA
karya: pandu pangestu

timnas garuda kudu ngapung
ngapung saluhur luhur na
luhur meunangkeun prestasi
prestasi nu di pika hayang ku bangsa
timnas kudu hudang
hudang tina sare nu lila
ayeuna buktikeun ka dunya
indonesia pasti jaya
bangsa hayang ningali
ningali garuda juara
anu dipika damba
ku bangsa indonesia

sajak sunda

PANGHAMPURA
karya: puput i.s

ya allah...
kunaon meunikeun hese
ngadeketkeun diri ka gusti allah
kunaon meunikeun hese
ngayakinkeun kaayaana
kunaon meunikeun hese
ningali jeung ngamaknakeun
mun sadayana ieu teh nyaeta
kaagungan na
ya allah...
adbi ngamohon kagusti allah
pasihan rahmat na
jeung kateguhan hate ka adi
ya allah...
teu hilap abdi ngaregepkeun
jang panghampura gusti allah
ka sagala dosa 
jeung kabodo'an abdi
anu teu pernah bisa
bersyukur kana sagala nikmatna