Selasa, 28 Februari 2012

sajak sunda

GURU
karya: Siti wasilah

pangabdian, pangorbanan
nu tos ibu bapak guru korbankeun 
moal ka etang
moal ka bayarku saukur ucapan nuhun
moal ka ganti ku intan jeng berlian
moal leungit ku gede na ombak samudra
jasa jasa ibu bapak guru
tos nyaangkeun hate simkuring
nu poek mongkleng tanpa pangaweruh
dugika sapertos ayeuna..

sajak sunda

IBU
karya: restiana faujiah

oh... ibu
anjen nyaeta
istri nu di pika cinta ku abdi

teu aya nhu tiasa 
ngaganti peran anjen
anjen nu mika cinta
anjen nu mika nyaah
jeung mika dedeuh ka abdi

meni ageung pangorbanan anjen
cinta anjen...
nyaah anjeun...
moal pernah leungit tina lubuk hati kuring

sajak sunda

DU'A
karya: aris munandar

gusti...
kuring seueur kasalahan
kuring jalmi nu loba dosa
seueur kasalahan ka anjen
kuring sadar

gusti...
kuring kedah kumaha
kuring tobat
kuring hoyong ka jalan nu lurus
ya allah yarohman yarohim

gusti...
pangbukakeun pintu tobat
mung gusti hampura

sajak sunda

KARENGGUT KU DOSA
karya: Taufik hidayat

abdi hirup di dunya ieu moal jauh tina dosa
abdi hirup bisa nyanglak raga tina ieu dosa
dosa nu tumiba...
nu ku abdi karasa
mugi gusti sing ngaraksa dosa
ieu abdi sing di hampura
ieu dosa abdi...
SAJAK SUNDA DI BAWAH INI MERUPAKAN KARYA DARI BEBERAPA SISWA KELAS 9 SMPN 1 SUKARESMI





TEKAD
karya: sandi kurnia

tekad kuring moal luntur
sok sanajanka beulit rasa sieun
kuring moal waka mundur
sok sanajan barengrang

kuring moal waka mundur
sok sanajan awak lembur
kuring moal waka mundur
lamun encan kalaksana

tekad kuring tetep bulet
ngabela diri...
ngabela bangsa...
ngabela lemah cai...
anu panceg dina diri
panceg dina hate kuring